Contoh Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2

Pemerintah Kota Bandung
Dinas Pendidikan

SD Negeri Cipamokolan 3
Jl. Derwati No. 40 Kec. Rancasari


Si Kabayan Ngala Tutut


Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”


Tina Lima Abad Sastra Sunda. 

I. Cakra a, b, c atawa d dina jawaban anu bener!
1. Si Kabayan dititah ngala tutut ku....
   A. indungna
   B. bapana
   C. ninina
   D. mitohana

2. Basa dititah ngala tutut teh si Kabayan keur...
   A. sare
   B. gawe
   C. ulin
   D. dahar

3. Ngala tutut mah cenah di....
   A.kebon
   B. balong
   C. laut
   D. sawah

4. Sawah anu sok loba tututna mah anu meunang....
   A. ngagaru
   B. macul
   C. mupuk
   D. nanduran

5. Saanjogna ka sawah, Si Kabayan ningali tutut dina sawah teh....
   A. euweuh
   B. loba
   C. jarang
   D. saeutik

6. Tutut di sawah teh katingali lantaran....
   A. tututna loba
   B. sawahna deet
   C. sawahna caang
   D. caina herang

7. Lantaran ningali kalangkang langit di sawah, seuk Si kabayan mah sawah teh....
   A. jero
   B. deet
   C. lega
   D. saat

8. Ningali kalangkang langit di sawah, Si Kabayan ngarasa....
   A. ambek
   B. keueung
   C. lewang
   D. tunduh

9. Lantaran sieun ti kecebur ka sawah, Si Kabayan ngala tututna  ku cara.....
   A. diuseup
   B. dileugeut
   C. dieurad
   D. dikecrik

10. Si kabayan kakara apaleun yen sawah teh deet sanggeus....
   A. dibejaan ku ninina
   B. dititah turun ka sawah
   C. dicontoan ku ninina
   D. disuntrungkeun ka sawah


Jawab pananya-pananya di handap!

1. Dongeng anu eusina nyaritakeun asal usul kajadian tempat, barang sasaton jeung tutuwuhan disebutna....
2. Nepikeun pamadegan teh carana kudu sopan, kudu dibarengan ku alesan anu kaharti ku....
3. Carpon mah caritana sok kaharti ku akal, tara aya perkara anu pamohalan siga dina....
4. Bagian anu nuduhkeun tempat jeung tanggal ditulisna hiji surat disebut....
5. Paragraf anu eusina netelakeun maksud jeung tujuan ngirim surat teh nyaeta....
6. Kudu kumaha nepikeun hiji pamadegan teh?
7. naon anu disebut surat pribadi teh?
8. Cing sebutkeun tilu judul dongeng sasakala!
9. Kumaha biasana basa anu digunakeun dina surat pribadi keur babaturan!
10. Nu kumaha ari nu disebut bagian panutup surat teh?

0 Response to "Contoh Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2"

Posting Komentar

Label

2012 2013 Akreditasi Al Quran Hadits Aqidah Akhlak artikel Bahasa Arab Bahasa Indonesia bahasa jawa batangan Belajar Berita Blog Pendidikan Daftar MI Download Edukasi Fiqih Guru Hari Ibu Hasil akreditasi Indonesia IPA iptek islam kecamatan batangan Kegiatan Madrasah Kelas 4 Kelas 5 Kemah kepala mi Kisi-kisi kisi-kisi soal kisi-kisi soal uts kisi-kisi un 2013 kumpulan soal kumpulan soal ipa kumpulan soal ulangan kumpulan soal ulangan sma kumpulan soal uts kumpulan soal uts sd semester genap kumpulan soal uts smp kurikulum kurikulum baru laptop latihan Lomba Kompetensi Siswa madrasah Madrasah Ibtidaiyah makalah Malas Belajar Matematika MI MI Tarbiyatusy Syubban naskah pidato netbook online pai pati Pendidikan pendidikan agama islam Pengetahuan perbedaan permainan pernak pernik Persami pidato PLPG POS UN Pramuka Profesionalisme Guru s d s m p SD sekolah Seni Budaya Serba-serbi shohibi Siswa SKI SMA SMP Soal soal 1 soal 2 soal 3 soal 4 soal 5 soal 6 soal ipa kelas 5 sd soal kurikulum 2013 soal pkn kelas 3 sd soal pkn kelas 5 soal sd matematika kelas soal sekolah soal tematik sd soal tik sd kelas 5 soal tik smp soal ualangan sd soal uas sd soal uas semester ganjil soal uas semester genap soal uas sma soal uas smp soal ukk sd soal ulangan kelas 3 sd soal ulangan matematika soal ulangan sd soal ulangan sekolah soal ulangan sma soal ulangan smp soal uts soal uts ipa soal uts sd pkn semester genap soal uts sd semester genap SOAL UTS SEMESTER 2 soal uts sma soal-soal soal-soal ips kelas 5 soal-soal latihan soal-soal matematika soal-soal pkn sd soal-soal uas sd soal-soal uas sma soal-soal uas smp soal-soal uassd soal-soal ulangan gratis soal-soal uts sd soal-soal uts smp Tips Try Out Ujian Ujian Madrasah Ujian Nasional UJian Praktek ulangan Ulangan Semester Umum UN Ustadz ustadzah uts

wdcfawqafwef